Contoh Naskah Ceramah Bahasa Sunda Tentang Pentingnya Kita Hormat Kepada Kedua Orang Tua
Pentingna Urang Hormat Ka Indung Jeung Bapa
Assalamu’alaikum Warohmatulloohi Wabarokaatuh.
Alhamdulillaahirobbil ‘alamin wabihi nasta’inu ‘alaa umuriddunya waddin wassholatu wassalamu ‘alaa asrofil anbiya iwalmursalin wa’alaa aalihi washohbihi ‘ajmaiin, ‘amaba’du.
Puji sinareng syukur kagungan Alloh Anu Maha Gofur anu parantos
nyiptakeun langit jeng bumi katut sadaya eusina ieu alam dunya.
Sholawat sinareng salam mugia tetep salamina kacurah limpahkeun ka
jungjungan alam nyaeta Habibana Wanabiyana Kanjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘Alaihi
Wasalam.
Hadirin sadayana rahimakumulloh,
Dina kasempatan anu bungah ieu, insha Alloh simkuring bade ngadugikeun
hiji biantara ngeunaan kana pikanyaah indung jeung bapa, nyaéta pentingna urang
hormat ka nu jadi indung jeung bapa.
Kunaon simkuring nyandak judul sapertos kitu?
Kusabab, eta dua jalmi teh mangrupakeun jalmi-jalmi anu ageung pisan
pangaruhna anu aya dina kahirupan urang sadayana.
Saha Bapa urang teh? nyaeta hiji jalmi anu kiat, anu rela ngorbankeun
sagala rupina pikeun bisa ngabungahkeun urang salaku nu jadi anak. Malah mandar
anjeuna rela di saban dinten midamel naon wae pakasaban sok sanajan kaditu kadieu,
supaya bisa ngahirupan anak jeung istrina. Lajeng anu janten indung urang, nyaeta
hiji jalmi anu mulia pisan anu jasana teu bisa ka itung, anjeuna oge anu
parantos ngalakukeun anu 6N keur urang. Hadirin..terang naon eta 6N?
6N teh nyaeta:
1. Ngandung
2. Ngalahirkeun
3. Nganyusuan
4. Ngarawat
5. Ngagedekeun
6. Ngadidik
Eta nu parantos dilakukeun ka urang nu salaku anakna, Leres teu?
Baca Juga: contoh pidato sambutan ketua panitia Isra' Mi'raj
Cobi urang bayangkeun ku urang sadaya, sakitu ageungna eta jasa sareng
pangorbanannana nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, malah mandar urang
bisa jadi sapertos kieu ayeuna sareng lahir di dunya ieu oge kusabab aya na dua
jalmi anu disebat indung jeng bapa.
Upami di itung-itung jasa aranjeuna, sadayana oge moal bakal bisa kagantosan
ku emas jeung permata sok sanajan ku harga nu pangmahalna. Teras, naon anu
kedah ku urang dilakukeun pikeun ngabales jasa-jasana? Nyaeta ku jalaran
hormat, taat, jeung patuh kana sagala parentahna anu sae. Sabab sakumaha anu
parantos didawuhkeun ku Kanjeng Nabi SAW dina hadist:
‘Ridhollohu fii ridholwaalidaini washukhtullohi fii shukhtilwaalidaini’
Anu hartosna nyaeta: Karidhoan Alloh aya dina karidhoan indung bapa
urang, sareng kamurkaan Alloh aya dina kamurkaan indung bapa urang ogé.
Hadist eta parantos jelas, yen lamun urang patuh jeung taat ka indung bapa
atanapi kolot urang, mangka indung jeng bapa urang oge bakal resep jeung bungah
boga anak sapertos urang, jeung terus ngadu’a supaya tiasa asup ka surgana Alloh
SWT, ‘aamiin yaa robbal ‘alamiin.
Tapi, lamun ceunah urang doraka ka indung jeng bapa urang, mangka Alloh
ogé bakalan leuwih murka jeung ngasupkeun urang ka naraka na Alloh SWT, na’udzubillahi
mindzalik.!
Hadirin sadayana hoyong lebet ka surgana Alloh?
Lamun hoyong, hayu urang hormat ka nu jadi indung bapa urang, mangga
sami-sami ayeuna urang ngadu’a kanggo indung jeung bapa urang.
‘Allohummagfir lii wa li waalidayya warham humaa kamaa robbayaanii
shoghiiroo’
Hadirin sadaya, mung sakitu anu tiasa ku simkuring kadugikeun, mudah-mudahan
ageung manfa’atna keur urang sadayana pikeun ningkatkeun kataqwaan urang sadaya
ka Alloh SWT.
Haturnuhun tina sagala perhatosanana, hampunten tina sagala rupi kakirangannana.
Anu leresna ti Alloh SWT, anu lepatna eta tina kakirangan simkuring nyalira.
Billahi taufik walhidayah wal inayah
Wassalaamu’alaikum Warohmatulloohi Wabarokaatuh.
Baca Juga: contoh pidato tentang bahaya korupsi