Contoh Khutbah Jum'at Bahasa Sunda Tentang Menjadikan Masa Muda Yang Lebih Manfa'at
Jadikeun Masa Muda Anu Leuwih Manfa’at jeng Bermakna
اَلسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Khutbah ka 1
اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ وَفَّقَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِفَضْلِهِ
وَكَرَمِهِ، وَخَذَلَ مَنْ شَاءَ مِنْ خَلْقِهِ بِمَشِيْئَتِهِ وَعَدْلِهِ.
وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَلَا
شَبِيْهَ وَلَا مِثْلَ وَلَا نِدَّ لَهُ، وَلَا حَدَّ وَلَا جُثَّةَ وَلَا
أَعْضَاءَ لَهُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَحَبِيْبَنَا وَعَظِيْمَنَا
وَقَائِدَنَا وَقُرَّةَ أَعْيُنِنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ،
وَصَفِيُّهُ وَحَبِيْبُهُ. اَللهم صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِ اللهِ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَّالَاهُ، وَمَنْ
تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ، وَلَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ
إِلَّا بِاللهِ. أَمَّا بَعْدُ، فَإِنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ
الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ الْقَائِلِ فِيْ مُحْكَمِ كِتَابِهِ : إنّ أكرمكم عندالله
أتقاكم إنّ الله عليم خبير.
Ma’asyirol muslimin jama’ah jum’ah
rohimakumulloh,
Sadaya Puji kagungan Alloh, rasa
syukur urang panjatkeun ka Alloh Dzat Nu Maha Ghofur. Sholawat sinareng salam salamina
dicurahkeun ka junjungan alam Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, miwah ka para
sahabatna sareng sadaya panganutna anu tumut turut kana ajaran Mantena dugi ka akhir
Zaman.
Khatib wasiat ka diri pribadi sareng
jama’ah kaum muslimin sidang jum’at sadaya hayu urang sami-sami kanggo ningkatkeun
kataqwaan sareng kaimanan urang sadaya ka Alloh SWT kalayan taqwa sareng ibadah
anu saleres-leresna. Ku cara ngajalankeun sadaya kawajiban sareng ngajauhan
sagala anu dilarang sareng diharamkeun ku Alloh SWT.
Alhamdulillah, urang sadaya tasyakur
binikmat ka Alloh SWT kumargi masih dipasihan nikmat iman, nikmat islam, sareng
nikmat sehat sahingga tiasa ngalaksanekun ibadah sholat jum’at di masjid anu
mulya kalayan pinuh kakhusyuan sareng miharep ridlo Alloh SWT.
Ma’asyirol muslimin jama’ah jum’ah
rohimakumulloh,
Nabi Muhammad SAW parantos
nyandak perubahan zaman tina zaman kagelapan, zaman jahiliah, zaman kebodohan
kana zaman anu terang benderang anu pinuh ku cahaya iman sinareng islam. Tapi urang
sadaya ulah dugi ka ngarasa aman tina azab Alloh SWT. anu bisa datang iraha wae
dina waktu nu teu tiasa diduga-duga ku urang sadaya. Sabab, saestuna teu aya
anu ngarasa aman tina azab Alloh Shubhanahu wata’ala iwal ti jalma-jalma anu
rugi.
Baca Juga: contoh naskah ceramah bahasa sunda
Alloh Shubhanahu wata’ala parantos
ngadawuh dina AlQuran:
أَفَأَمِنُوْأمَكْرَاللهِ فَلَايَأْمَنُ مَكْرَاللّهِ اِلاَالْقَوْمُ الْخَاسِرُوْنَ
Anu hartosna: “Naha maranehna ngarasa aman tina azab Alloh (anu teu
diduga-duga)? Moal aya anu ngarasa aman tina azab Alloh iwal ti jalma-jalma anu
rugi.” (Q.S. Al A’raf:99)
Ma’asyirol muslimin jama’ah jum’ah
rohimakumulloh,
Masyarakat nu dipayunan ku urang kiwari, parantos ngarupikeun masyarkat anu
bok-brok. Upami dititenan sareng ditalungtik kalayan telik, ku urang kasaksi
yen timbulna kareksakan masyarakat kiwari, pokona akibat bangsa urang parantos
kacida kapangaruhanna ku adat istiadat bangsa deuengeun anu salah, nu ku bangsa
maranehna sorangan oge parantos teu dipikaresep, jalaran tetela ngaruksakna
kana akhlak anu mulya tur utama.
Memang pohara hanjakalna, Pamuda urang resep niru sareng nyonto adat
kabiasaan bangsa deungeun anu kirang saena. katarik sareng kataji ku
sifat-sifat sareng kabudayaan nu arawona. Upami niru sareng nyonto anu saraena
mah, tangtos ageung mangfa'atna keur kamajengan sareng kajayaan bangsa urang.
Misalna wae niru sareng nyonto kagetolannana, kauletannana. Tapi dupi kanyataanana
nu ditiru sareng diconto teh palebah perkara-perkara anu matak narik kana bejad
akhlak sareng rendah budi.
Tah ieu diantawisna anu kalebet kana marga lantaran ngareksak akhlak
masyarakat. Cacakan upami bangsa urang sadar sareng ngartos, yen kiwari bangsa
urang teh nuju berjoang keur kaluhuran bangsa katut lemah cai, nu kedah ditiru
sareng diconto ti bangsa deungeun teh dina lebah kadaekna, kasungguh-sungguhannana,
kapinterannana, kauletannana, sareng katiginanana dina ngamajengkeun bangsa
katut lemah caina.
Generasi muda zaman ayeuna kudu siap jadi generasi anu tangguh ningali kana
gelombang badei perobahan zaman anu siap ngahantam. Generasi muda muslim zaman
ayeuna kudu jadi pamimpin anu berkualitas di masa depan. Sabab masa depan agama
jeung bangsa aya dina genggeman leungeun jeung dipanggul dina punduk generasi
muda sadaya.
Usia pamuda nyaeta usia anu paling produktif
pikeun nuntut elmu. Awakna masih seger bugar jeung akal fikirannana masih
seukeut kudu terus diash selagi aya kasempatan anu masih kabuka lebar. Tantangan
zaman anu dihareupan di masa depan bakal leuwih beurat daripada masa ayeuna.
Tuntut elmu anu saloba-lobana. Tapi, lain hungkul neangan terus disimpen. Lamun
geus meunang elmu kudu terus diamalkeun. Alloh SWT. bakal ngabuka elmu pengetahuan
nu anyar mangrupa hal-hal anu can dikanyahokeun.
Sabda Rosululloh SAW:
مَنْ
عَمِل بِمَا عَلِمَ وَرَّثَهُ اللّهُ عِلْمَ مَا لَمْ يَعْلَمْ
Hartosna: Sing saha jalma anu ngamalkeun naon
anu ku manehna geus dikanyahokeun, mangka Alloh bakal nganugerahkeun pengetahun
mangrupa naon wae nu can dikanyahokeun ku manehna. (Hadits Riwayat Abu Nu’aim).
Ma’asyirol muslimin jama’ah jum’ah
rohimakumulloh,
Nyerelekna waktu mangrupakeun tanda anu nyata
yen jatah umur urang geus mulai ngurangan. Sementara, urang teu nyaho iraha
ngahembuskeun nafas urang anu terahir. Masa muda teu bisa ngajamin diri urang bisa
nepi ka masa tua, kusabab kitu penting ku urang diinsafan keur ngajadikeun masa
muda keur langkah persiapan masa-masa nu bakal datang. Leuwih-leuwih deui pikeun
masa kaabadian di akhirat anu bakal.
Masa nu ngora atawa pamuda anu kaayaannana
masih jagjag belejag, kuat jeung semangatna oge masih kuat kudu bisa jeung daek
diarahkeun kana hal-hal anu ngandung manfa’at dijerona; Naon wae nu manfa’at
keur dirina atawa keur batur, bahkan alam sakitarna. Sabda Baginda Nabi SAW
dina hiji hadits,
مِنْ
حُسْنِ اِسْلاَمِ الْمَرْءِتَرْكُهُ مَالاَيَعْنِيْهِ
Anu pihartosuennana: “Diantara tanda kaalusan
kaislaman hiji jalma; Lamun manehna ninggalkeun hal-hal anu teu manfa’at keur
dirina.” (Hadits Riwayat Ahmad).
Lamun bener-bener nitenan kana hadits ieu
mangka hirup bakal ngarasa miboga arti jeung inshaAlloh, urang kaasup ti antara
golongan jalma-jalma anu hanjakal dina poe anu bakal datang jeung nepi ka poe akhir.
Sabagian ti urang sadaya parantos ngalaman
masa ngorana, jeung pamuda ayeuna anu keur ngajalankeun masa ngorana. Anu perlu
ku urang sadaya ditekankeun, tina sadayana eta lain perihal sabaraha umur urang
ayeuna, tapi kumaha urang ngisi kana umur urang sadaya.
Ulah nepi ka ngalalaworakeun masa ngora urang
atawa masa ngora jalmi-jalmi di sabudeureun urang sadaya kaliwat kitu wae tanpa
ngukir atawa ngajadikeun hal-hal anu manfaat keur diri sorangan jeung nu lian.
Sakumaha lazimna semangat nu ngora, hayang nu
jadi pangunggulna, panghareupna jeung nu pangalusna nyaeta hal anu hese
dihindarkeun. Bahkan dina sababaraha hal nu laen, semangat nu kitu teh justru
alus dipiara pikeun budak ngora ayeuna. Kusabab kitu, penting urang ningali deui
nu aya dina hadits Nabi SAW; saperti kumaha sajatina jalma-jalma anu pangalusna
teh. Sabda Rosululloh SAW:
خَيْرُكُمْ
مَنْ يُرْجَى خَيْرُهُ وَيُؤْمَنُ شَرُّهُ
Anu pihartoseunnana: “Saalus-alusna tiantara
aranjeun nyaeta jalma anu (paling bisa) diharepkeun kaalusannana jeung (paling
saeutik) kagorengannana nepi ka jalma sejen nu lian ngarasa aman.” (Hadits
Riwayat AtTirmidzi).
Diantara nu bisa dijadikeun pedoman tina ieu
hadits nyaeta kumaha jadi pamuda ku tanaga, sumanget juangna mawa katentraman
keur lingkungannana.
Sabda Nabi SAW:
خَيْرُالنَّاسِ
ﺃنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
Anu Hartosna: “Saalus-aluna jalma nyaeta anu
paling manfa’at pikeun jalma sejen.” (Hadits Riwayat AtThabrani)
Ma’asyirol muslimin jama’ah jum’ah
rohimakumulloh,
Mung sakitu ureian hal-hal
perluna urang ngajaga umur atanapi masa ngora urang sadaya kanggo jalmi-jalmi
nu aya disabudeureun urang sadaya sareng cara ngalakukeun hal-hal anu bermakna
jeung manfa’at. Sabab urang sadaya uninga, Yen para pamuda nu bakal jadi nakhoda-nakhoda
kahirupan salajengna. Para pamimpin, tokoh, sareng jalmi-jalmi anu terkemuka, dina
waktuna bakal diganti ku aranjeuna para pamuda anu ayeuna keur ngajalankeun masa
mudana.
Sakumaha aya kalam bijak:
شُبَّانُ الْيَوْمِ رِجَالُ الْغَدِ
Anu Hartosna: “Pamuda poe ayeuna
nyaeta pamimpin di masa depan”
Mudah-mudahan wae urang sadaya sareng
generasi muda urang sadaya tiasa nyandak tur masihan kaalusan, manfa’at sareng deui
nyandak kana zaman anu pinuh ku katentraman pikeun nagara jeung bangsa. ﺃّمِيْنْ يَارَبَّ الْعَالَمِيْنَ
Baca Juga: Contoh Khutbah Jum'at Bahasa Sunda Tentang Isra' Wal Mi'raj
Khutbah ka 2
إِنَّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ
وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، ، وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ
أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ
لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلٰهَ إِلَّا
اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدِ
الصَّادِقِ الْوَعْدِ الْأَمِيْنِ، وَعَلٰى إِخْوَانِهِ النَّبِيِّيْنَ وَالْمُرْسَلِيْنَ،
وَارْضَ اللهم عَنْ أُمَّهَاتِ الْمُؤْمِنِيْنَ، وَآلِ الْبَيْتِ الطَّاهِرِيْنَ،
وَعَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ، أَبِيْ بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ
وَعَلِيٍّ، وَعَنِ الْأَئِمَّةِ الْمُهْتَدِيْنَ، أَبِيْ حَنِيْفَةَ وَمَالِكٍ
وَالشَّافِعِيِّ وَأَحْمَدَ وَعَنِ الْأَوْلِيَاءِ وَالصَّالِحِيْنَ.
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ،
أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ فَاتَّقُوْهُ،
وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ
وَالسَّلَامِ عَلٰى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ
يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ ۚ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ
وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى
آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى
آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِ
سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلٰى آلِ
سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ
وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ
وَالْأَمْوَاتِ، اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنَا هُدَاةً مُهْتَدِيْنَ غَيْرَ ضٰالِّيْنَ
وَلاَ مُضِلِّيْنَ، اَللّٰهُمَّ اسْتُرْ عَوْرَاتِنَا وآمِنْ رَّوْعَاتِنَا
وَاكْفِنَا مَا أَهَمَّنَا وَقِنَا شَرَّ ما نَتَخوَّفُ، رَبَّنَا آتِنَا فِي
الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. عِبَادَ
اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبٰى
ويَنْهٰى عَنِ الفَحْشٰاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلٰى
نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَاتَّقُوْهُ
يَجْعَلْ لَكُمْ مِنْ أَمْرِكُمْ مَخْرَجًا، وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.