Contoh Sambutan Panitia Hari Kemerdekaan dalam Bahasa Sunda
Assalamualaikum.
Wr. Wb
Bismilahhirohmanirrohim,
alhamdulillahirobbil alamin,
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka
illahi rabbi, anu parantos maparin nikmat sareng hidayahna ka urang sadayana,
shalawat sinareng salam mugia dilimpahkn ka junjunan alam kanjeng nabi muhammad
saw, kulawargi katut para sahabatna, nu mudah-mudahan akhirna dugi kaurang
sadaya salaku umatna.
Bapak kepala Desa anu ku sim kuring dipihormat, Para
tamu undangan anu ku sim kuring di pihormat, teu hilap ka para wargi anu sami hadir di ieu patempatan
anu ku sim kuring dipihormat, mugia sayana kengeng kamulyaan nu sasae-saena mungguh
allah SWT.
Langkung tipayun simkuring neda dihapunten tina
samudaya kalepatan sareng kumawantunna simkuring nyarios di ieu patempatan.
Hapunten sateuacanna bilih aya ucap sareng lampah simkuring nu teu sapagodos
sareng kahoyong sadayana. Bilih aya cariosan nu kirang mernah margi sim kuring sanes
ahli bahasa.
Bapak-bapak, ibu-ibu anu di mulyakeun ku allah,
simkuring ngadeg di ieu patempatan seja ngadugikan sababrupi hal ngeunaan
lumangsungna ieu acara. Sapertos kauninga ku sadayana, ieu acara teu acan
tangtos tiasa lumangsung saupami tanpa aya perencanaan sareng dukungan
tisadayana. Kumargi eta dina waktos nu mulya ieu sim kuring seja ngadugikeun
“laporan pertanggung jawaban” sim kuring salaku panitia penyelenggara
peringatan poe kamerdekaan.
Bapak-bapak, ibu-ibu nu dipihormat, acara peringatan
poe kamerdeakaan tiasa janten terselenggara kalayan sukses berkat dukungan ti
sadayana, boh moriil atanapi materilna. Peryogi kauninga ku sadayana acara ieu
nyeepkeun biayana nu cukup ageung diantawisna,
A. Biaya sound system Rp.
200.000
B. Dekorasi Rp.
100.000
C. Transportasi Rp.
50.000
D. Mubaligh Rp.
300.000
E. Konsumsi Rp.
350.000
F. Administrasi Rp.
100.000
G. Lain lain Rp.
200.000 +
Jumlah Rp.
1.300.000
Samentawis
dana nu tiasa dikumpulkn kanggo nutupan kaperyogian tadi nyaeta ti :
A. Iuran palawargi sadayana Rp. 500.000
B. Bantuan kepala Desa Rp. 200.000
C. Bantuan ketua RT Rp. 300.000
D. Para donatur Rp. 300.000 +
Jumlah Rp. 1.300.000
Jalaran ti eta, atas nami ketua
panitia penyenggaraan peringatan poe kamerdekaan, sim kuring ngahaturkn nuhun
tina sagala rupi kasaean ti bapak-bapak, ibu-ibu nu teu tiasa disebatan namina
sewang-sewangan. Mugia Allah SWT masihan berkah sareng rohmat ka sadayana.
Rupina sakadar laporan ti sim kuring
dicekapkeun sakieu, bobo sapanon carang sapapan langkung saur bahe carek, boh
bilih aya kecap nu teu kaungang-ungang kalimat anu teu mernah, mugia bapak
sinareng ibu tiasa ngahapunten.
Wa Billahi taufik wal hidayah,
Wasssalamu alaikum Wr. Wb.
Advertisement