Contoh Pidato Sunda Pentingna Ngajaga Kabersihan
Rerencangan sadayana
Sateuacanna, mangga urang panjatkeun puji syukur ka gusti nu maha suci.
Babaturan sadayana anu kusimkuring dipihormat. Dina waktos ieu, abdi
bade ngadugikeun biantara anu topikna "Kabersihan Lingkungan".
Hirup sehat teh penting kanggo urang sadayana. Urang teh wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina
sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kapayunna di kawitan ti ayeuna.
Contoh Pidato Sunda Pentingna Ngajaga Kabersihan
Contoh Pidato Sunda Pentingna Ngajaga Kabersihan
Dina salah sahiji hadits diterangkeun. Anu hartosna "Kabersihan teh
sabagian tina iman". Tina hadits eta, urang tos ngartos maksud sareng
tujuana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate
urang. Upami urang sadayana iman ka Allah, berarti urang kudu bersih
jeung suci tina sagala kokotor boh eta hadas alit atawa hadas ageung, nu
nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta, sadaya anu di dasarkeun tina
bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan disakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan
sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya loba macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, serta bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu ka
asup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun
pola hirup sehat kanggo ka saean urang sadayana.
Sakitu anu simkuring dipihatur, hapunten upami aya kasalahan.
Wassalamualaikum Wr.Wb
Advertisement